Kasawang deui
Ngalangkang deui
Harepan anu rek metik impian
Naha bet reuntas ditengah jalan
Ku henteu sangka
Ku teu percaya
Ka asih nu hamo bakal kasorang
Puguh asih ukur dijieun panyelang
Ceurik ngageri nandang kanyeri
Peurih asa diturih
Asa ku tega diri salira
Luas nelasan rasa
Horeng cinta
Ngan saukur nyandiwara
Posting Komentar untuk "Lirik Lagu Asih Panyelang - Ade Astrid"