Lirik Lagu Rangkulan Salira - Nina

Rangkulan salira
Masih karaos pageuhna hese lesotna
Suganteh tangkeupna anjeun
Nu pinuh rasa ka kangen
Horeng aya asih sapeungkeureun

Boro tos bagja
Ieu diri mikacinta sagembleungna
Sakur nu dipikahoyong
Rarasaan ditedunan
Anjeun mengkolkeun asih ka deungeun

Ikhlas memang ikhlas
Ridho teu ngajodo
Naha ieu hate emut wae
Ka salira

Diri memang nyeuri
Beurat pikeun nampi
Panginten keudahna
Guratna urang papisah

Posting Komentar untuk "Lirik Lagu Rangkulan Salira - Nina"