Lirik Lagu Lamunan - Dhea Gemoii

Daun kalapa nu oyag katebak angin
Siga gupayna kawas gupayna nu lawas ilang
Kasawang deui nembongan deui
Asih munggaran nu teu kahontal dina lamunan

Mun seug manehna kiwari aya gigireun
Meureunan hate moal tagiwur dirungrung gandrung
Atuh ka mana naha dimana
Ukur ngolebat dina lamunan
Dina lamunan

Unggal tempat tos dipapay
Manehna taya laratan
Unggal beja nu katampa
Dijugjug waleh teu aya

Kembang kembang katresnan
Nu kungsi nyambuang
Ukur tinggal waasna
Nyeungitan lamunan

Posting Komentar untuk "Lirik Lagu Lamunan - Dhea Gemoii"