__(Jayanti)__
Wanci burit surya rek pamit
Hujan leutik ngaririncit
Kingkilaban pating kolebat
Sisi basisir jayanti
Mangsa sareupna rek datang
Dibarengan kingkilaban
Angin peuting pating siriwit
Sisi basisir jayanti
Jayanti ngaitkeun janji pasini
Meungkeut pageuh rasa cinta
Jayanti muka lalakon duaan
Sisi basisir jayanti
__(Domba Kuring)__
Miara domba téh dua
Domba bikang duanana
Ayeuna geus ngalobaan
Ngalobaan aranakan
Ka balad balad di désa
Ka dulur anu di lembur
Ulah kagét ulah héran
Ulah nanyakeun jaluna
Bisi jadi masalah
Bisi jadi pitnah
Ulah turut campur
Sabab domba domba kuring
Domba domba kuring
Diangon angon ku kuring
Diparaban ku kuring
Anakna gé anu kuring
Domba domba kuring
Diangon angon ku kuring
Di mandian ku kuring
Anakna gé anu kuring
Saha jaluna
Mana jaluna
Saha jaluna
Jaluna mah domba adu asal garut
Posting Komentar untuk "Lirik Lagu Jayanti Medley Domba Kuring - Ade Astrid"