Lirik Lagu Sabatas Impian - Lidyara

Kuring ge rumasa
Masih keneh boga rasa
Nenden asih nenden nyaah
Henteu beda ti salira
Nu sami sami micinta

Tapi na naon sababna
Kaasih kacinta urang
Bet pepegatan

Kuring ge teu wasa
Ukur nyimpen ka hanjakal
Nyaliara jero dada
Nungkulan kahayang rasa
Anu teu bisa kumaha

Iwal pasrah tumarima
Naon nu keur karandapan
Ku urang duaan

Kaasih ka cinta urang
Pamohalan tinekanan
Mungguh di antara urang
Geus pada pada rimbitan

Ka asih ka cinta urang
Ukur sabatas impian
Harepan tinggal lamunan
Nu moal bisa kahontal

Jadi geuring pikir ngalanglayung
Ngan batin nalangsa
Diri leuwih nandangan kasiksa
Asa teu walakaya

Posting Komentar untuk "Lirik Lagu Sabatas Impian - Lidyara"