__(Demi Kabogoh)__
Sanajan luhur puncak gunung
Legana biru sagara
Panas mentrangna panon poe
Demi kabogoh mah rela
Sanajan hujan dor dar gelap
Angin puyuh keur lilimpungan
Moal tutung jeung moal mundur
Moal miris ku panas tiris
Demi kabogoh
Luhurna gunung rek dijajal ditaekan
Kanggo kabogoh
Ombak sagara rek dijugjug diparahuan
Demi kabogoh
Najan dordar gelap ngabelaan huhujanan
Kanggo kabogoh
Najan kabulusan cadu mundur rek didagoan
Nu penting mah
Bisa apel ka kabogoh
__(Sarua Jeung Bohong)__
Leungeun ararateul
Hate teu merean
Dicabak sieun ngerejed
Sarua jeung bohong
Di tempel mah boleh
Paantel mah oke
Hayang aya era era era era
Sarua jeung bohong
Ter asa ngeleper
Ter asa ngageter
Birahi tinggi
Henteu wani
Nyolonong ciga nu bogoh
Nanya ciga nu cinta
Urang ngalamun
Ngarah henteu pusing
Jujukutan hejo deui
Kiara akaran deui
Ki hujan daunan deui
Duh gusti
Layung langit hurung deui
Jajap surya nu rek ngampih
Pabuburit
Posting Komentar untuk "Lirik Lagu Demi Kabogoh X Sarua Jeung Bohong - Azmy Z"