Lirik Lagu Mikacinta - Ade Astrid


Sok lieur ngemutanana
Mikacinta kasalira
Kitu salah kieu lain
Na kumaha lieur ngabandunganana

Mun bener anjeun micinta
Kalayan nu sabenerna
Sok atuh enggal balaka
Sajujurna tong aya rasa kapaksa

Mun leres
Moal bade ngaheureuykeun
Sing pancegna pamadegan
Ulah rek seueur emutan

Bet naha
Naon nu janten lantaran
Naon nu janten emutan
Balaka saurkeun tong asa asa

Ulah sok
Matak bingung pipikiran
Mun enya anjeun micinta
Naha kieu balukarna

Posting Komentar untuk "Lirik Lagu Mikacinta - Ade Astrid"