Lirik Lagu Lalakon Cinta - Rya Fitria

Hujan leutik ngaririncik
Nyarengan simpe ieu diri
Pangsadar diri tina panguji
Gusti janteun hikmah diri

Kapeurih nu kalakonan
Teu ilang na emutan
Naha pangharepan tebih tina sangkaan
Sawangan janteun lamunan

Lalakon cinta urang dua'an
Kunaon pegat di jalan
Sami mikanyaah sami mikacinta
Naha anjeun tega

Diri mikacinta nu saleresna
Kanyeurian panampina
Jangji rek satia nyatana sulaya
Lalakon cinta kieu ahirna

Posting Komentar untuk "Lirik Lagu Lalakon Cinta - Rya Fitria"