Lirik Lagu Neng - Oni Aprak (Yanz Putra Panggugah)

Mimiti tepang
Langsung nyantel na ingetan
Panceg yakin dina ati
Nu geulis jodona diri

Sare teu tibra
Dahar ge henteu mirasa
Rumasa kagoda ku si manehna

Ti peuting ka impi impi
Bray beurang ka bayang bayang
Emut wae ka neneng pujaan hate

Patepang deui
Di pengkolan nu kamari
Ku aneh jeung asa ngimpi
Manehna jol ngajak seuri

Ku bolohona
Kuring teu wasa nyarita
Kawani ge sirna teu walakaya

Meureun memang diri kuring
Miharep teuing salira
Nu can tangtos salira oge micinta

Neng kembang impian
Tilam lamunan
Teu weleh ngalangkang

Neng kamelang akang
Sok sieun neneng
Teu kabandang

Neng akang nyorangan
Kapengpeongan ku cinta salira

Neng ukur salira
Anu dicinta salamina

Posting Komentar untuk "Lirik Lagu Neng - Oni Aprak (Yanz Putra Panggugah)"