Waktos harita
Salira ngeudalkeun cinta
Ceunah jangji rek satia
Sumpah moal rek sulaya
Nyaah jeung asihna
Deudeuh salamina
Tapi ayeuna
Salira jalir jangjina
Geus loba pisan bohongna
Sulaya tina sumpahna
Hanas bebeakan
Korban sagala rupana
Peurih ieu hate ku disapirakeun
Nalangsa asa kasiksa
Taya tangan pangawasa
Teu daya
Horeng jangji na direkayasa
Ukur samet ngabibita
Bukti cintana midua
Salira tega
Cimata
Nu jadi batur satia
Posting Komentar untuk "Lirik Lagu Keudalna Cinta - Dhea Gemoii"