Geus lawas jungjunan urang paanggang
Teu samar pajauh tina teuteupan
Tapi duriat mah maskét
Miharep ulah rék pegat
Sing panjang tali duriat
Geus lawas jungjunan silih antosan
Teu kalis sawangan pinuh lamunan
Tapi duriat mah maskét
Batin tetep batin tetep sasarengan
Najan kahalangan jungkrang
Sagara rék diojayan
Duh jungjunan
Masih percaya
Ulah ngarasula
Ngarasa cangcaya
Abdi rék tetep buméla
Satia salalamina
Sugan baé katarima
Pangasih abdi nu hina
Najan urang
Ayeuna geuning pajauh
Ulah rék jadi bangbaluh
Salira ulah rék ngangluh
Ulah honcéwang nogéncang
Batin tetep sasarengan
Sanajan urang paanggang
Sing sabar silih antosan
#Music
Geus lawas jungjunan urang paanggang
Teu samar pajauh tina teuteupan
Tapi duriat mah maskét
Miharep ulah rék pegat
Sing panjang tali duriat
Geus lawas jungjunan silih antosan
Teu kalis sawangan pinuh lamunan
Tapi duriat mah maskét
Batin tetep batin tetep sasarengan
Najan kahalangan jungkrang
Sagara rék diojayan
Duh jungjunan
Masih percaya
Ulah ngarasula
Ngarasa cangcaya
Abdi rék tetep buméla
Satia salalamina
Sugan baé katarima
Pangasih abdi nu hina
Najan urang
Ayeuna geuning pajauh
Ulah rék jadi bangbaluh
Salira ulah rék ngangluh
Ulah honcéwang nogéncang
Sanajan urang rék paanggang
Batin tetep sasarengan
Sing sabar silih antosan
Posting Komentar untuk "Lirik Lagu Silih Antosan - Silvi Risviani"