Lirik Lagu Ayun Ambing - Amala

Dengkleung déngdék anaking diayun ambing
Geura bobo cu panutan kalbu
Bapa hidep aya di pangumbaraan
Nyiar rijki buburuh jadi TKI

Dengkleung déngdék anaking diayun ambing
Ulah rungsing tepung jeung peuting
Anggur nyaring na mangsa keur sepi jempling
Ngadu'a bapa hidep enggal mulang

Ukur cimata nu jadi ubarna
Rasa kasono teu weléh ngadodoho

Sanajan urang paanggang
Haté mah paanjang anjang

Sanajan urang papisah
Ka Gusti urang sumerah diri
Kieu buktina
Kedah kieu nasibna

Posting Komentar untuk "Lirik Lagu Ayun Ambing - Amala"