Lirik Lagu Matapoé - Abiel Jatnika

Matapoe rek ngampih
Tanda rek salin wanci
Beurang rek naleukeum ka peuting
Cihcir tonggeret recet
Ngahudang balilu lalewang

Laun laun kapi'ati
Tukang lantaran mah eta
Sumeleket dina jero hate
Pikir ngahudang brangta
Kahayang biheung laksana
Honcewang hate lalewang

Sakapeung dipikir peurih
Raga lir keuna ku peurah
Anjeun nyieuhkeun hareupan
Sanajan tacan patarema ucap
Sok komo bari ngareka tresna

Beut teu kuat manggihan imut
Teu karasa hate kapincut
Lalanjung wuyung gandrung
Sakitu laut reujeung ombakna
Teu eureun eureun mere gugupay
Ngogo teuteupan

Naha anjeun bet kajongjonan
Gerah tampi ka asih diri
Urang ngogokeun kasono mepende hate
Dina mega pangluhurna

#Music

Laun laun kapi'ati
Tukang lantaran mah eta
Sumeleket dina jero hate
Pikir ngahudang brangta
Kahayang biheung laksana
Honcewang hate lalewang

Sakapeung dipikir peurih
Raga lir keuna ku peurah
Anjeun nyieuhkeun hareupan
Sanajan tacan patarema ucap
Sok komo bari ngareka tresna

Beut teu kuat manggihan imut
Teu karasa hate kapincut
Lalanjung wuyung gandrung
Sakitu laut reujeung ombakna
Teu eureun eureun mere gugupay
Ngogo teuteupan

Sakapeung dipikir peurih
Raga lir keuna ku peurah
Anjeun nyieuhkeun hareupan
Sanajan tacan patarema ucap
Sok komo bari ngareka tresna

Beut teu kuat manggihan imut
Teu karasa hate kapincut
Lalanjung wuyung gandrung
Sakitu laut reujeung ombakna
Teu eureun eureun mere gugupay
Ngogo teuteupan

Naha anjeun bet kajongjonan
Gerah tampi ka asih diri
Urang ngogokeun kasono mepende hate
Dina mega pangluhurna

Posting Komentar untuk "Lirik Lagu Matapoé - Abiel Jatnika"