Geulis ieu akang mulang
Lami tebih ti anjeun nu di piheman
Mawa sajuta harepan dedeuh cinta urang
Nu kungsi pegat di jalan
Engkang saenyana
Diri anjeun kiwari aya gantina
Lain diri nu rek tega dalah dikumaha
Ibu bapa nu teu doa
Naha tega
Reff:
Naha beut kieu jadina
Dedeuh anjeun boa ukur pura pura
Ukur ngaraheutan rasa
Salami paanggang raga
Teu weleh ngeclak cisoca
Jangji kamari nu pageuh mengkeut ati
Wayahna henteu ngajadi
Lantaran kahalang widi
Posting Komentar untuk "Lirik Lagu Jangji Kamari 2 - Gilang Cantaka feat. Lidyara"